Dina taun 1999, poe Sabtu Kaping 15 Mei, lahir saurang orok lalaki nyaeta abdi, Ruby Citalaksana. Abdi nyaeta putra kahiji ti pasangan Muhammad Basit sareng Niniek Rochyani. Pun bapa turunan Bugis pituin di wewengkon Barru, Sulawesi Selatan. Pun biang turunan Sunda Jeung Cina Pituin di Bogor. Bapa abdi didambel janten pagawe swasta. Ibu abdi IRT. Abdi ngagem ageman Islam. Sarta cicing di hiji imah anu basajan di Jl. Cikoneng 1 No. 6B, Ciomas, Kab. Bogor.
Abdi asup sakola ti TK nepi ka SMA ayeuna. Abdi TK di TK Bhayangkara 4 ti taun 2004. Dina Taun 2005-2011 abdi asup ka SDN Panaragan 3 Bogor. Taun 2011, abdi asup ka SMPN 12 Bogor.Sawaktu SMP abdi ngiluan Ekstrakurikuler Pramuka. Abdi pernah sapuluh kali ngiluan Lomba Pramuka. Alhamdulillah abdi sareng rerencangan kenging Juara Umum tilu kali. Taun 2014, abdi lulus SMP sarta nuluykeun ka SMAN 9 Bogor. Abdi ayeuna diuk dikelas XI IPA 5. Abdi ayeuna ngiluan Ekstrakurikuler Paskibra. Abdi sakola didieui, harapanna hayang pinter jeung berguna ka agama, nusa, jeung bangsa.